Senin, April 29, 2013

CARITA PONDOK BAHASA SUNDA


ULIN BABARENGAN
Hayam jago kongkorongok nandakeun yen poe teh geus isuk deui, rarasaan mah kakara bieu pereum tuluy ngimpikeun ulin di sawah teh. Kuring anu lulungu langsung ka cai mawa wudu disambung ku sholat subuh di mushola imah. Sarapih mereskeun mukena, kaingetan ieu poe teh geus poe kemis deui. Dina ieu poe teh aya acara jeung babaturan rek ngaraliwet ka imah Alvin di jalatrang. Kacipta rame tur capena ieu poe kemis teh.tapi kuring teu pondok pikir, kuring tuluy mawa hape, nelepon ka babaturan nanyaken parkara jadi atawa henteuna eta acara.
Kuring  ; “assalamualaikum ?”
Fera       ; “ waalaikumsallam, aya naon ay ?”
Kuring  ; “ kumaha ngaliwet ka Alvin teh ? jadi teu fer ?”
Fera       ; “ jadi , ke karumpul di imah puji saacan jam 9 nan w !”
Kuring  ; “oh nya atuh, ke kuring kadinya saacan jam 9 nan. Nuhun nya fer, assalamualaikum?”
Fera       ; “ nya sami sami, waalaikumsallam”
Telepon tuluy ditutup da beja geus nyaho yen ngaliwet ka Alvin teh kumpulna jam 9 di imahna puji. Teu lila kuring kaingetan yen pagawean imah geus nungguan titadi. Tuluy we kuring the ngagawean pagawean imah anu geus nungguan titadi eta.
Sasapu, ngepel, nyeuseuh, kukumbah jeung sajabana geus rengse saacan jam 8 ogenan. Saenggeus rapih sagala, Kuring langsung sasarap tuluy nyiapkeun baju jang indit ulin ka imah babaturan tea. Jam 8 saparapat kuring mandi, dangdan tuluy pamit ka ema jeung bapa.
Jam 9 kurang, kuring teh geus mangkat ti imah, da pipikiran mah batur geus karumpul di imah puji ti tadi. Pas nepi ka imahna puji, can aya saurang urang acan anu datang. Kuring markirkeun motor tuluy neangan puji salaku nu boga imah. “ji, puji .. assalamualaikum?”  kuring satengah ngagorowok di hareupeun imah puji. Teu lila torojol aya budak awewe 3an anu dijarilbab. Nu hiji mah make jangkung-jangkung make tiung abu, nu hiji mah baju kotak kotak tiung biru jeng nu hiji deui mah make tiung beureum. Teu lila eta nu tiluan the nembongkeun beungeut, pas ditilik tilik … eta budak tilu teh dera, puji jeung fera. “tah geuning, ditutungguan titadi!” ceuk fera.” Enya, tadi teh loba pagawean di imah anu kudu direngse keun heula jadi we rada beurang kadieuna! Mana barudak? Ngan sakieuan ning ?” tembal kuring bari jeung panasaran dimarana nu sejen cicing na.”ah tungguan we, dijaralan keneh, da kamari teh poho dina bewarana kalah nitah kumpul jam 9 nan. Nya atuh barudak teh marangkat ti imah na jam 9. Lain kalah ka kumpul jam 9” tembal dera bari jeung neangan korsi jeung diuk manehannana.
Teu karasa kuring, dera, fera jeung puji teh geus nungguan saparapat jam, barudak can daratang keneh. Puji geus sibuk ngsmsan jeng neleponan babaturan nu beja kamari mah arek milu. Fera geus teu puguh rarasaan, bulak balik nungguan babaturan anu teu datang datang wae. Teu lila , jol aya elsa, raning, indah, manda, iqli, fitriadi,rauf jeung nu lain na datang.” Aeh aeh, kamarana heula atuh neng jeung akang teh ? dijalan teh jiga ti amerika ka ciamis wae. Kuring jeng budak tilu geus ngakar yeuh didieu titadi!” dera kadengena ngalentong satengah cacarek. Barudak nu kakara datang teh ngan bisa caricing jeng rarepeh we da rumasaeun salah. “geus geus, ayeuna mah geus daratang ieuh daripada lila deui mening hayu der we ayeuna mah. Jaba geus beuki beurang yeuh poe teh!’ fera ngajak kabeh nu aya didinya gewat gewat indit ka imah Alvin. Ngadenge kitu, kuring jeung babaturan teh gewat gewat ngitung motor nu aya, pas di itung itung deui … “ ih kurang 2 motor deui euy ! kumaha atuh ?’ ceuk fitriadi nanya ka puji. “ kana angjot we atuh nu teu kabagean motor mah. Saha nu can aya motorna cung ?” Tanya puji panasaran. Manda jeng elsa teh nyatana eweuh motor tumpangeun jeung ka Alvin. Pas di titah naek angkot ku barudak, eh manda jeung elsa the kalahka ngomong kajeun teuing mulang ka imah. Ngadenge kitu kuring tuluy ngomong ka barudak yen kuring ge kana angkot wae. Watir ningal manda jeung elsa di papaksa wae ku barudak. Pondok carita, kuring,manda, jeung elsa the jadina kana angkot 11 ka imah Alvin the. Sedengken motor kuring jadina dibawa ku fera da melang mun ditunda di imah puji mah.
Sajam lilana kira kira ti imah puji ka Alvin teh. Sapanjang jalan, tina angkot kuring, manda jeung elsa ningal pasawahan anu teu aya tungtungna. Tuluy ningal aya water park anyar anu can rengse di wangun. Katempona mah jiga nu ek merenaheun eta tempat anyar teh. Ngan kacipta pinuh na eta tempat teh lamun geus resmi dibuka jeung masarakat. Pikiran da teu aya deui iwal ti eta water park anu pang deukeut na ti dayeuh ciamis.
Pas nepi di imah Alvin, dahareun the geus siap ngampar di teras hareupeun imah. Da babaturan anu make motor mah geus tiheula nepina battan kuring nu tina angkot. Ah pikiran teh kalah ka Alhamdulillah wen, da ku sabab kitu kuring teu kudu nungguan deui eta dahareun teh asak. Pas datang kadinya teh tuluy we dalahar, di mimitian kunu boga imah, geus kitu parebut hayam goreng haneut jeung sambel lalab na.
Sarapih dahar, tuluy kuring jeung barudak teh nempo film step up 3d anu kasetna meunang nginjem ti ultra disc. Jam 2, kuring geus hayang mulang, da inget diluar teh geus ceudeum tur bisi kaburitan nepi di imahna. Kuring pamit ka barudak ek mulang tiheula. Samemeh kaluar imahna Alvin breg hujan the turun langsung gede teu cluk clak heula. Kuring nu tadi na ek mulang ogenan teu jadi kusabab eta hujan teh kacida gedena.
Kuring nungguan nepi ka jam 2 lewih 5 menit, pipikiran teh hujan kieu mah asa moal raat sajam dua jam. Kuring teh tuluy diniatan mulang huhujanan we dari pada kudu kaburitan dijalan ka imah mah. Karunya ema di imah kudu beberes deui, jaba melang kana popoyonan duka geus dijaitan duka acan eta teh. Teu lila kuring pamit deui ka babaturan. Barudak teh teu pati ngijinan kuring jeung iqli mulang tiheula bari jeung huhujanan. Tapi sanggeus dibejakeun naon pipikiran kuring, barudak teh bisa ngarti oge kana situasi nu aya. Der we kuring jeung iqli teh mulang kana motor. Di jalan ge kuring ati ati pisan mawa motor na. lantaran eta hujan kacida gede na tur sapanjang jalan teh kabayang na pasti leueur.
Dikira kira aya sajam kuring ti imah Alvin nepi ka ciamis. Kuring tuluy nganterkeun heula iqli ka imah na anu sajalur keneh jeung jalan ka rorompok kuring. Lalampahan ti imah Alvin ka imah kuring anu di tuturkeun ku hujan badag teh raat pas nepi ka ciamis mah. Pas nepi imah kuring tuluy maca Alhamdulillah da geus disalametkeun ku gusti allah salila lalampahan dina hujan gede teh.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

ayo kasih komentarnya .. biar aku bisa lebih baik ... jangan lupa ,, komentarnya berupa kritikan dan pujian yang membangun ya :)